Selamat Datang - Terima Kasih Atas Kunjungan Anda

Rabu, 10 November 2010

BIANTARA DINA ACARA SESERAHAN

Conto Biantara Dina Acara Seserahan

Salah sahiji conto biantara dina acara seserahan panganten ti pihak lalaki ka pihak awewe, biasana sok diwakilan ku salah saurang (loba teuing mah bisi reang) wakil ti calon panganten lalaki. Ieu mah salah sahiji conto wae, dina adat Sunda.



Assalamu alaikum warohmatullohi wabarakatuh.

Ti payun sim kuring neda pangapunten nyuhunkeun widi tina galih anu wening neda jembar tina manah anu setra, rehing ieu bade aya anu kapiunjuk. Mung nya kitu, mugi agung cukup lumur, neda jembar hapuntena, sarehnya sasanggem sebelong bentor, tina-tuna suba-sita, hawatos sanes anu ahlina teu sapertos atikan para pujangga.

Disim kuring kawakilan ku kulawargi calon pameget, miwah para kanca sadaya anu sami-sami dongkap kadieu, nyanggakeun sewu nuhun, laksaketi kabingahan, sarehnya bapa miwah ibuna (calon panganten awewe) sareng para wargi di dieu parantos sami luntur kalbu, nampi ieu rombongan. Anu teu kinten disimkuring sakulawargi estu abot nyuhun abot narimakeunana, wireh sim kuring saparakanca dongkap teh wungkul matak sesah bae, matak ngaheurinan bae, taya pisan nyugemakeunana.

Dupi pangna dongkap kantenan aya nu dipimaksad kapankon bapa oge ibuna (calon panganten awewe) teh, nyaeta seja nyambung saur nu kapungkur mapay subaya nu ti heula nyungsi jangji pasini binari. Manawi sapertos anu kauninga ku sadaya pun anak anu wastana (calon panganten pameget), sawatara waktos kapengker parantos ngadugikeun panglamarna katuang putra jenengan (calon panganten awewe) kalayan eta panglamar teh ditampi ku jinisna tur dirujukan ku sepuhnya.

Nya dina danget ieu pisan, sim kuring kalayan asmana calon panganten pameget seja masrahkeun pun anak (calon panganten pameget) ka ibu ramana (calon panganten awewe) bari diwuwuh ku panuhun enggal-enggal hoyong ditikahkeun ka tuang putra tea anu jenengan (calon panganten awewe). Eta panginten maksad anu utami.

Iwal ti eta sok sanaos kalintang isin ajrihna, wireh tebi ti utami tamba leumpang keupat eundang, tama isin ngadeuheusan gaduh babantunan tawis hatur lumayan bae, duka encit sacewir duka jarum sapotong, pecah-belah lalab-rumbah sadongkapeun. Ieu mah mung tawis kabungah sareng kaweningan galih ti sadayana kulawargi calon panganten pameget.
Mung bilih (calon panganten awewe) hoyong terang perkawis mahar atanapi mas kawina ku sim kuring bade diuningakeun nyaeta mung saperangkat alat sholat ditambih mas kawin anu bobotna mung (....) gram. Manawi kauninga ku sadayana khususnya ku (calon panganten awewe).

Urang singkatkeun bae kanggo salajengna sim kuring neda ka Gusti Nu Maha Suci mugi-mugi ibu miwah bapa di dieu lungsur-langsar beres roes teu aya kitu sinareung kieu ti kawit ayeuna ka payun, atuh anu ditikahkeun mugi-mugi lambat-lambat runtut-raut lulus-bangslus panjang-punjung, luhur kuta gede dunya jatnika sapapaosna.

Pamungkas pisanggem ti sim kuring henteu aya sanes bilih bobo sapanon carang sapakan tutus langkung kepang halang mugi kersa ngahapunten.
Hatur Nuhun. Wassalamu'alaikum Warohmatullahi wabarakatuh.



Tah eta salah sahiji biantara dina acara seserahan ti kulawarga calon panganten pameget ka kulawarga calon panganten awewe. Mudah-mudahan aya manfaatnya.

Tidak ada komentar: